WAWANCARA “
ANGKLUNG “
Ilham : Assalamualaikum
pak, abdi ilham sareung rerencangan abdi ti mtsn 1 ciamis bade nyuhunkeun
waktosna bade ngawawancara bapak dina ngadameulan angklung, tiasa teu pak?
Pak mumu : oh enya ujang mangga
Ilham : bapak the tos sabaraha lami ngadameulan
angklung teh!
Pak mumu : Alhamdulillah jang tos aya 15 taun
Angga : oh muhun pak, emang yuswa bapak the sabaraha
taun
Pak mumu : yuswa bapak mah 51 taun
Raihan : oh, teras pak eta the ngadameulan
angklung kangge icaleun kamana?
Pak mumu : ah bapak mah kamana we, sok ka bandung, ka tasik, ka Yogyakarta, ka Jakarta
Irfatul : tebih oge nya pak
Pak mumu : muhun jang
Infatul : pak, pami anu ngabantosan bapak
ngadameulan angklung di ieu saung the aya sabaraha urang pak ?
Pak mumu : 8
urang pami di saung ieu mah
Agung : emang pak anu ngadameulan angklung teh
henteu didieu wungkul pak?
Pak mumu : muhun henteu didieu wungkul, naming da ti pangrajin angklung sanes oge
sok ka bapa keun
Fadli : oh muhun atuh pak, emang pak ti
tabuh sabaraha mulaina di dameul angklung teh?
Pak mumu : ti tabuh 7 enjing-enjing
Fadli : teras pak eta teh dugi ka tabuh
sabaraha?
Pak mumu : pami di saung bap amah sok dugi ka tabuh 10 weungi
Fadli : oh,muhun atuh pak
Pak mumu : muhun jang
Ilham : pak, pami angklung ieu teh didameulna
tina awi naon?
Pak mumu : awi congo sareung awi kenjeran
Ilham : oh, muhun atuh pak oh enya pak pami
sadinteuna sok kenging sabaraha set ngadameulan angklung teh?
Pak mumu : paling oge nan kana 35 set
Raihan : eta the pak di ical sa set neteh
sabaraha hargana ?
Pak mumu : nu pangkirahna mah 50 rebu namun ieu oge aya anu harga sajuta kaluhur.
Angga : oh, angeung oge nya pak hargana ?
Pak mumu : muhun jang
Ilham : oh muhun atuh pak mungh sakitu
wawancara ti abdi sareng rerencangan abdi mah, hapunteun pak bilih ngaganggu
waktosna bapak
Pak mumu : muhun jang teu sawios
Irfatul : muhun pak, mudah-mudahan mah sing
seuur nu pajeungna nya pak
Pak mumu : muhun jang,amiin
Ilham : muhun atuh pak, hatur nuhun ,
assalamualaikum
Pak mumu : muhun jang sami-sami, waalaikum salam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar